Kamis, 07 Maret 2013

Lagu lirik "Manuk Dadali" dari Jawa Barat

Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meber keun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya badingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahirihiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sukamna bangsa di nagara Indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar